Postingan

Pajaratan

Aya waktos patepang sareng kalanggengan,
Dianteur ku boeh, pasaran, sareng runtuyan dua,

Nganteur anu ngantunkeun ka pajaratan,
Kembang-kembang samboja ngabageakeun,
Ngarti yen aya layon anu dikurebkeun,
Ngabuktoskeun di dunya teu aya nu langgeng,

Gusti hapunten abdi,
Rumaos sok jalir jangji,
Mangga abdi nyanggakeun sadaya kakirangan,
Teu aya daya anging pitulung Gusti.

Jogja, 13/04/2020

Postingan ini dilisensikan di bawah CC BY 4.0 oleh penulis.